SeMeSan

Diposting oleh Zaenal Fahmi | 01.10 | | 0 komentar »

Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.

Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.

Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"

Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal kopo."

Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"

Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku indung leungeun make hempon."

Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"

Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."

Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."

Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"

Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bisi kumaha onam..!"

Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

Tukang Obat - Nyeri Sirah

Diposting oleh Zaenal Fahmi | 01.09 | | 0 komentar »

Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun kantor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana obat nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku obat nyeri sirah "made in" manehna.

Mang Ihin terus noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cobian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri sirah, obat nu cespleng.

Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal samenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat nyeri sirah paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, ampir-ampiran beakeun sora.

Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu liwat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.

Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku manehna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daganganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jero kios sisi jalan.

"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.

Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah Emang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari ngasongkeun duit lima rebuan salambar.

Maung jeung Uncal (bodor si cepot)

Diposting oleh Zaenal Fahmi | 00.59 | | 0 komentar »

Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku panasna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.

Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maung.

"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna

"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro guha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.

"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun indungna anu reuwaseun.

Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.

Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sato nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal gancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung bati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak maung tungtungna nyelap na sela tangkal.

Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan uncal boga pikiran cabul.

"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).

Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.

"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar.."

Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi PAPIH kituh!!!" bari ngaleos.

Terjun Make Payung

Diposting oleh Zaenal Fahmi | 00.59 | | 0 komentar »

Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Ginda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI angkatan udara terjun payung.

Ii : "heh ihin, abi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"

Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)

Ginda : "bener hin maenya the master teu bisa ngajawab" (bari semu ngaledek)

Solihin : "heueuh bener"

Ii : "kieu hin, urang rek nanya. Mana nu bener ? "terjun payung teh terjun make payung" atawa "terjun payung teh terjun make pa" "sok jawab mana nu bener. Kapanan maneh teh pinter"

Ginda : "sok hin jawab. Ulah lobah mikir"

Solihin : "gampang atuh eta mah. Nya nu bener mah atuh terjun payung teh terjun make payung. Kumah benerteu?”

Ii + ginda: "wah ihin, maneh bener pisan. Bener bener bener goblok gebloh teu katulungan matak ge sakola meh rada ngarti seutikmah"(sabari seuri cacarawakan)

Solihin : "naha uing salah kitu"(sabari mikir)

Ginda : "geus ayeuanamah, supaya maneh yakin mana jawaban nu bener. Ayeuna urang terjun payung. Maneh terjunna make payung. Urang jeung si ii make parasut"

Solihin : "hayu. Ke keheula lamun urang terjun tina kapal atuh meureun koid”"
Ii + ginda: "pikiran we olangan. Da moal nyaho ari can di ajaran mah"

Solihin : "?@#??!%%!#~`"

Bodoran Sunda (Part1)

Diposting oleh Zaenal Fahmi | 00.58 | | 0 komentar »

Budak Boloho

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.

Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."





Ngawulang Di SD

Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.




Jiang Zemin Orang Garut ?

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"

Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"

Kabayan : "Uiii hebat euy ..."

Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga

Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."

Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"

Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos

Abah : "Dasar si borokokok !!"




Anak Anjing

Ibro : "Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah..."

Udin : "Ya iya laaah....na kunaon pake nanya kitu..?"

Ibro : "Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagala..."

Udin : "Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah... dosa besar !!"

Ibro : "Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!" bari lumpat

Udin : "??!!@#$"
 
 
 
 

BH..AYANGKARA

Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru ngalatih hiji-hiji muridna sina kahareup.

Pak Guru : "Mimin tulis kahareup ... BHAYANGKARA...."

Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor .... BAYANGKARA

Pak Guru : "Geuning teu pake BH Min ... ? (maksudna BHayangkara)

Mimin : "Bet ngangge Pak Guru...." bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.
 
 
 
 

TARAJE teh NTAR AJE

Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tulung-tulungan.

Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nulungan Jang Dodo.

Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje kahandap.

Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NTAR AJE.... yeeee
 



GIGITEKAN

Mang Asep urang kampung bau lisung ngumbara ka Jakarta jadi tukang bangunan. Hiji waktu manehna datang ka dokter gigi cenahmah nyeri huntu.

Dokter Gigi : "Kenapa giginya mang..?"

Mang Asep : "Gigi saya koropok, cabut saja Dok"

Dokter Gigi : "Coba buka mulutnya...", si dokter teh bari terus mariksa huntu Mang Asep. Beres dipariksa terus huntu Mang Asep dicabut bari getih kaluar tina gusina. Tuluy si Dokter teh nyelapkeun kapas kana huntu Mang Asep nu masih getihan."

Dokter Gigi : " Gigi tekan..."

Mang Asep kalahka ngagual geolkeun bujurna kawas Inul keur ngebor.....dikirana sina GIGITEKAN

Dokter Gigi : " ..??%@%& ..."
 
 
 
 

Anu Lolong Jeung Anu Gempor

Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.

Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;

Lolong : "Sora aya anu mandi nya ?", pokna anu lolong.
Gempor: "Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?"
Lolong : "Nya pasti awewe lah !"
Gempor: "Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?"
Lolong : "Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah bobogaan maneh ngaganjel dina tonggong aing!".
Gempor: "Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?"
 



Angkot Jeung Ojeg

Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.





Kang Tito Utah di Bes

Kang Tito urang Kuningan rek ka Bandung, sabab tara naek mobil maklum urang desa
dina mobil bes pinuh ku panumpang, manehna teu kuat hayang UTAH ,neangan keresek teu mawa, untung manehna make kopeah, kang tito luak liek eweh nu nempoen, pikirna borolo-borolo utah kana kopeah tuluy di tutupan ku saputangan saenggesna utahmah manehna sare tibra naker.

CAHEM HABIS CAHEM HABIS CEUK KENEKTUR kang tito rewas tuluy kopeah di pake atuh utah na rambay kana sirahna sekian karunya Kang Tito.